Beranda · Menu · Menu 1 · Menu 2

Sejarah munjul,buniseuri||Sajak sunda

Serat Keur Linggah Munjul

Dina sampai kahirupan
 ukur Samar jeung kingkilaban
Anjeun bet nutur léngkah kuring,
Sabada ilang katresna layung jeung bulan
Kanyaah naratas alas jalan kahémeng paduduan
Sugan jeung sugan..
Miharep akar jeung angina terus rerencepan
Nganyangareui Diná simpé bagja urang.

Susur-sasar tina huntu kana letah nu perténtang.
Jol anjong ukur budah jeung kulat taya ujung na.
Nyiar kecap lengkah batu tulis nu rabeng Saban ceuli
Kolepat jagat sangsaka dewi warna
Ngahibaran dangiang nagri linggh munjul
Amanat nu nyumputken sajarah di tiap-tiap juru mata ka Linggah.
Pamayang layung laju peuting satukangeun gunung sawal mongkelang langit blas pameuleuman panon põe,

Dina genggerong peuting Kolepat salira ukur nembongan geugeut soca,
Do'a anjeun nu miceuceup jalan kalbu nyurulung ti awang-awang
mawa asih cinta ka lemburna.
Nu antaré  wates alam kalanggengan mirig lelembutan Saban panonpoe lingsir
Ngadeg-ngadegkeun ketug jajangtung unggal indung suku juru kalbu jeung palemburan
Nu Terus mucuk nyingkahkeun langit ceudeum kakeueung tilem
Didieu di puseuri Linggah Munjul.


Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Sejarah munjul,buniseuri||Sajak sunda"

Post a Comment